Jumat, 09 Mei 2014

CARPON



Purnama di Langit Tasikmalaya 

Carpon Érwin Wahyudi


Jarum érloji karék antel kana angka 7 basa keur nurunan tétécéan gerbong téh. Setatsion Tasik, pagaliwota ku   nu rék mariang, jarajap katut nu marapag penumpang nu karék turun tina karéta.

Ah,  karék ogé  nepi kana palataran setatsion, seungitna angin peuting kota manéh mani  giak ngabagéakeun urang, Sa. Seungit angin nu masih kénéh can robah jeung waktu sataun nu geus kaliwat.

Tukang béca, kenék angkot jeung supir taksi pahibut nanawarkeun kandaraanana supaya kapilih. Tapi, kabéh ogé ku urang mah ditolak, da geus diniatan apan ti awalna ogé, urang mah rék leuleumpangan, hayang mapay-mapay saban juru ieu kota. Enya, kota nu manéh. Urang rék nyeuseup hawa jeung néwakan deui anginna, ngarah kanyeri urang balas kaleungitan manéh teu pati nojosan teuing.

Urang téh keur katiir sono ku manéh, Sa. Ti peuting kamarina    bet rus-ras waé téh. Teu kalis dipangpalérkeun, nu lulumpatan 'na kongkolak panon téh saukur keureutan beungeut manéh nu keur ngumbar imut  kareueut; imut nu salawasna mapaésan rohang